Silat, Pencak Silat, atanapi Pencak mun cek urang Sunda, mangrupi salah
sahiji seni beladiri asli Indonesia. Kusus urang Sunda, salain Pencak oge
sering nyebatna teh ulin (permainan : bhs Indonesia). Di Tatar Sunda khususna,
seueur pisan paguron-paguron silat nu mangrupikeun warisan karuhun jeung
jawara-jawara Sunda buhun nu geus kaceluk ka awaun-awun kawentar ka janapriya.
Baheula mangsana jaman penjajahan Walanda jeung Jepang, ieu paguron-paguron
silat teh mineung jadi bebentengna rahayat Indonesia di Jawa Barat ti kamurkaan
bangsa deungeun. Kahebatan jawara Sunda teh tos kabeja ka unggal nagara, malah
cek beja nu beunang dipercaya mah Si Pitung oge nu pituin jawara Betawi eta teh
diajar silatna ku jawara Sunda nu ngagem ulin Cimande.
Silat Cimande, memang eta salah sahiji ulin buhun nu pang kahotna di Tatar
Sunda. Kiwari, ulin Cimande teh cenah mah geus kabagi dina sababaraha ratus
kembang termasuk nu dikembangkeun ku Si Pitung di wewengkon Betawi. Sakawitna
Cimande teh aya tilu kembang nyaeta Sera atawa aliran Monyet, Pamacan nyaeta
aliran Maung, jeung Trumbu alias tarung iteuk (pertempuran tongkat). Silat
Cimande ieu dipupuhuan ku Mbah Kahir dina tungtung tahun 1700.
Mangsa kiwari, seueur oge jawara-jawara Sunda nu ngadegkeun
paguron-paguron silat, sapertos Pak Sopyan ngadegkeun Paguron Silat TTKDH, di
Cibuntu Ciampea. Sanajan kaasup paguron nu anyar, tapi ieu paguron teh geus seueur
anu walajar
Nyaritakeun para jawara jeung paguron silat nu aya di Tatar Sunda mah moal
angeus tujuh poe tujuh peuting oge, kusabab loba pisan para jawara jeung jago
silatna. Apanan carita Brama Kumbara jeung Si Rawing teh nyaritakeun para
jawara ti Tatar Sunda. Sanajan eta carita rekaan tapi pasti aya benerna oge, da
moal aya catur mun tampa bukur.
Kahebatan para karuhun jeung jawara Sunda teh geus kabuktikeun dina mangsa
jaman Pajajaran atawa Karajaan Sunda. Pajajaran teh hiji-hijina Karajaan di
pulo Jawa anu teu bisa dielehkeun atawa ditalukeun ku Majapahit baheula. Matak
oge, moal aya ngaran jalan Hayam Wuruk jeung Gajah Mada di puseur
dayeuh Jawa Barat sapertos Bandung, Bogor jeung kota-kota nu sejena.
Jawa Barat salaku bumi Siliwangi, memang beunghar pisan ku jawara jeung
paguron-paguron silat nu jurus-jurusna matak pikareueuseun kana manah dulur
salembur, tapi matak seber kana hate bangsa deungun. Pan urang Sunda mah
ngabogaan Sima Aing Sima Maung tea, eta sima teh minangka warisan ti
karuhun-karuhun urang teuteureuh Hyang Prabu Siliwangi mangsa baheula. (Soga
abdulrojak)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar